Dikawihkeun ku Ceu Nining Meida
talaga reumis talaga nu jadi saksi
waktos urang paheut janji
pasini pakait ati
pasimpay rasa satia
duh bagja saksina talaga reumis
talaga reumis talaga endah romantis
tempat urang ngumbar asih
namplokeun rasa kasono
nyacapkeun rasa katresna
duh endah disisi talaga reumis
disisi talaga reumis
cinta mekar karembangan
disisi talaga reumis
carita pinuh mamanis
disisi talaga reumis
asih nyanding kabagjaan
disisi talaga reumis
nyipta rasa nuromantis
urang anteng... paduduan
mancing rasa... asih kaheman
pusuerna... useup kageugeut
gupayna... geleng kadeudeuh
ngango jeujeur.... panghareupan
ngantos geuterna kukumbul kalbu
surser rasa kasambut cinta
pinangih bagja ditalaga
urang anteng... paduduaan
ngahaleuang... tembang kasmaran
ngahariring...ririh kaheman
ngagalindeng..lagam katineung
lirih asih... pamatri ati
tembang tresna panyimpay rasa
lagu shadu mepende kalbu
ngahudang cinta ditalaga
talaga reumis
talaga nujadi saksi
waktos urang paheut janji
pasini pakait ati
pasimpay rasa satia
duh bagja saksina talaga reumis
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment