Thursday, May 10, 2007

Bulan Bromo

Kungsi urang duaan
Sabelas rabiul awal
Mapal tangkal kabagjaan
Gunung Bromo tengah Jawa

Emut keur urang duaan
Calik dina iuh pinus
Sempal guyon cumarita
Ngabedah rasa katresna

Ngumbar kasono ngumbar kadeudeuh
Ngumbar kanyaah urang duaan....

Ref.
Lenglang lenglang langitna
Bodas bodas megana
Buleud buleud bulanna
Kucap kiceup bentangna
Marakbak hejona gunung Bromo
Tengah Jawa ..

No comments: