Thursday, May 10, 2007

Daun pulus keser bojong

ngahandeuleum aya katineung
ngahanjuang aya kamelang
daun pulus lalambaran
kahayang pasti kasorang

lamping pasir pileuweungan
hareulung cangkung digunung
alam endah tambah endah
endahna lir cinta urang....amboiii

masing kasawang
aduh..kembang kamelang
rarangeuyan..beureumna mayang harepan
iraha atuh iraha
bagja diri jeung neupangan
tulus ngempur hurung nangtung
laksana mun siang leumpang ieuh....amboiiii

daun pulus - daun pulus
lalambaran - lalambaran
nyeri teuing mun teutulus
mibanda katunggaraan
hirup ukur nunggu waktu
nyorang lampah anu ngambang

bade langit bade bentang mega mendung mega bodas
bade leungit ilang ku maksad salira
teu nanaon-teu nanaon
ditaros sok ngaharewos
nya kunaon-nya kunaon
harewos ukur harewos

No comments: