Thursday, May 10, 2007

Gapura Cinta

Dikawinkeun: Erna Arsylia

Dina Gapura cinta anjeun datang datang nembongan
Mawa panghareupan mekar keeeun kembang katresna
Dina jandela rasa abdi pasrah dirangkul asmara
Teu daya nampi kaasih nu meulit jeureoning ati
Mungaran kenal ku teupira tepang na uleman
Waktos harita rerencangan pesta pangantenan
Dina gapura nya didinya janten panineungan
Salira neuteup semut geugeut imut bangun ngaheureuyan

Gapura cinta jalan nu mungaran medal na asmara
Gapura cinta lawangna kaheman pantona katresna
Gapura cinta dipapaes kembang kembang pang hareupan
Gapura cinta weuweuh ajeug panceug lir asih urang duaan

Dina gapura cinta urang silih rangeumkeun panangan
Geterna nembus kana dada ngahudang rasa kaheuman
Mungaran kenal ku teu pira tepang na uleman
Waktos harita rerencangan pesta pangantenan
Dina gapura nya didinya janten panineungan
Salira neuteup semu geugeut imut bangun gaheureuyan

Gapura cinta jalan nu munggaran medal na asmara
Gapura cinta lawangna kaheman pantona katresna
Gapura cinta dipapaes kembang, kembang panghareupan
Gapura cinta weuweuh ajeug panceug lir asih urang duaan
mangga ngahaturkeun.

No comments: