Thursday, May 10, 2007

Sunda Mekar

Cacandran para luluhur
ciri bumi dayeuh pancatengah
ciri dayeuh pancatengah
lemah duwurna, lebak lengkobna
tanah padataranana

Nagara wibawa mukti
perlambangna congkrang kujang papasangan

Yasana para Dewata
teu sulaya dinyatana

Pasundan tanahna subur
gemah ripah ma`mur loh jinawi
gemah ripah loh jinawi
gunung gunungna, cur cor caina
makplak pasawahanana
subur sugih pangebonna
karaharjan mencar mawur kajauhna

nagri nanjung panjang punjung
murah sandang murah pangan

Sunda surup kana tangtung
sunda sieup ninggang kana wanda
sieu ninggang kana wanda
adeg adegna, budi basana
teu nandakeun wawanenna

someah narima semah
matak betah anu ngadon bubuara

taraebreh pangartina
teu nembongkeun kabisana

No comments: