Thursday, May 10, 2007

Pangandaran

Dikawihkeun: Doel Sumbang

Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Tuh saksina bulan anu sapotong
Tuh saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa
Bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran

Dina ati pada-pada kedal janji
Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deg ngadeugkeun
Harti asih saenyana
Deg ngadeugkeun
Harti deudeuh saenyana

Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna
Nungtun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran

Reud di cangreud
Hate geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut Pangandaran
Reud di cangreud
Beuki raket beuki geugeut
Sisi laut Pangandaran

No comments: