Thursday, May 10, 2007

Ki Sunda

Ciptaan: Mang Koko

Tanah Sunda ( wibawa )
Gemah ripah (tur endah )
Nu ngumbara suka betah

Urang Sunda ( sawawa )
Sing Toweksa (perceka )
Nyangga dharma anu nyata

Ref :
Seuweu Padjadjaran
Muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya
Memang sawajibna
Geten titen rumawat
Tanah pusaka

Titen kana (pakaya)
Harta banda (pusaka)
Mo kaduhung waktu jaga

Anu lian (mowasa)
Moal bisa (rumaksa)
Ngatur ngolah jeung ngariksa

Ref. :
Gembleng sauyunan
Singkil babarengan
Ngangkat darajat Ki Sunda
Moal saha deui
Anu bela pati
Ngan Ki Sunda berjuang
Ngabela hakna.

No comments: